Thu, 23-02-2012
Hahaha

Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2227)

Pintonkeun di FB

Akronim di Kampung Kuring

"Akronim teh nyaeta singkatan nu geus mangrupakeun kalimah saperti Departemen Agama jadi Depag, Kantor wilayah jadi Kanwil. Tapi teu disangka-sangka akronim ge aya di kios asin di kampung kuring. Da geuning ari nyebut peda buntung teh jadi datung, sepat leutik jadi patik jeung teri jabrig jadi akronim tibrig!"

E.S
TB Sumber Terang
Kec. Pagelaran, Cianjur 43266

Bubur Beras

Si Ibro haruhah-harehoh balik meuli bubur ayam, dititah ku indungna. Barang ditanya ku indungna, "Ku naon manehna bet balik lengoh?"
Ari jawabanana teh, "Tuda tulisannana diganti jadi bubur beras".

Ayo Yahya Heryanto
Rancah 46387 Ciamis

Jadi Guru

Pasosore Kabayan jeung pamajikanana keur ngobrol nyawalakeun anakna nu karek tamat SMA.
Iteung: "Budak teh urang sina neruskeun kuliah ka kedokteran we, ambeh bisa ngubaran nu gering."
Kabayan: "Teu kudu ka kedokteran sagala, Ki Dukun, Ki Tabib ge teu sakola di kedokteran bisaeun ngubaran nu gering mah."
Iteung: "Ka Ekonomi atuh, supaya bisa jadi pangusaha."
Kabayan: "Lah montong. Um Bob oge jadi pengusaha beunghar lain lulusan ekomoni."
Iteung: "Kumaha mun ka tehnik?"
Kabayan: "Ah, Si Ujang nu boga bengkel dilandeuh ngan saukur tamat SMA, geuning bisaeun ngomean motor jeung mobil ge."
Iteung: "Sigana mending ka pertanian, nya!"
Kabayan: "Iteung... Iteung, ti nini aki nepi ka uing oge bisa nyawah, bisa ngebon apan teu disakolakeun ti pertanian. Budak urang mah sina jadi guru we, ambeh bisa jadi guru dokter, guru pangusaha, guru montir, guru patani, guru ABRI, nu utamana mah jadi guru nu bisa digugu jeung ditiru."

Yati Rohayati
SMA Negri 24 Bandung
Jln. A.H. Nasution No. 27 Kota Bandung, 40619

Pere

Kuring hudang. Jam nunjukeun tabuh tujuh, kabeurangan. Satengah jam deui ka asup sakola. Kuring buru-buru mandi tuluy dangdan gesat-gesut. Dahar mah teu kaburu. Waktu keur nalian sapatu, indung kuring nanya. "Har, pan ieu teh poe Minggu?" kuring kerek inget, reuwas katungtungnakeun.

Hermana
Jl. Nanggela No. 396
Kawali 46253

Cekas

Kaca jandela mani bararesih pisan. Kuring ngagebeg. Aya kukupu asup norobos kaca. Singhoreng kaca teh lain beresih, tapi euweuhan.

Hermana
Jl. Nanggela No. 396
Kawali 46253

Hees

Abah Ontohod: "Naon tujuan nyaneh make hayang milu jadi Caleg teh Bay?"
Kabayan: "Nya uing mah hayang we ngajaran hees dina korsi anggota dewan, da katenjona meni jiga nu nikmat heesna teh jaba dibayar deuih."
Abah Ontohod: "Kasebeleun, dasar pangedulan!"

M. Arsya

Lamun Eleh

Iteung: "Bongan sagala geus beak dipake kampanyeu, pokona mah lamun eleh dina pemilu mah, Iteung rek menta talak."
Kabayan: "He... he... he... tapi lamun meunang Akang rek kawin deui."
Iteung: "Hah...?"

M. Arsya

Kabiasaan

Rengse dicontreng, ku Aki Jati keretas suara teh teras dipeunteun 1, maksudna betul hiji,. Abong pangsiunan guru, rupina hilap, raraosanana nuju meunteun keretas ulangan barudak.

M. Arsya

Kampanyeu

Pamajikan kuring abret-abretan miluan kampanyeu, pas waktuna pamilihan teu meunang panggilan da euweuh dina DPT-na, pamajikan ngajulaeu, kuring puasss...

Dodo Irawan
Kom. Badak Permai
Pandeglang

Salah Sangka

Disangka kuring mah tukang ngarang barakatak dina majalah Mangle biwirna ableh, urat beuheungna ranteng balas seuseurian. Tapi kanyataanana teu kitu. Buktina saderek "Ena Rs", sakitu tegepna, paingan "Neng Ami" bogoheun, he.. he. Kumaha ari Kang Tehas FB sami kitu?

Dodo Irawan
Kom. Badak Permai
Pandeglang

Ari Anjeunna...?

Basa ngadenge Kiai sobatna nu cicing di kota ngawayuh, Mama Kiai ngumpulkeun santri-santri dewasa, kaasup kuring. Sugan teh bade naon. Anjeuna mamatahan: "Kahade sobat Mama teh tong diturutan, nya Dak. Pamajikan mah hiji ge cukup. Awewe mah da kitu keneh- kitu keneh!" sanggemna.
Kabeh santri silih reret. Na ari Mama Kiai teu sadar kitu...? Anjeunna ge garwan tilu... malah palay ngajejegan hiji deui cenah.

Asep Budi Syafi'i - Bandung

Kantos Masantren?

Kantos masantren? Geura etah Mama Kiai, mun tos nerangkeun bab awewe teh sok nepi ka bubuk leutikna, da memang aya dina kitabna. Pasti we, isukna para santri dewasa mah kabeh aradus. Kaimpikeun!

Asep Budi Syafi'i - Bandung

Loba nu Belangna

Baongna kuring keur masantren, mun ngobor belut teh sok sagala diala. Oray ge dihapuk.
Hiji peuting kuring ngobor jeung Si Adut. Meunang satengah ember. Saparapat ember disanggakeun ka Mama Kiai peuting eta keneh.
Isukna, ana haok teh Mama Kiai: "Jurig siah! Na ngirim belut ka dewek teh loba keneh nu belangna batan nu coklatna...? Harom siah!"
Si Sadut tah, jangji borolo... teu dipilih heula!

Asep Budi Syafi'i - Bandung

Sieun Direbut

Kuring mah mun pulang kampung teh kumaha Lurah Santri. Mun manehna balik ka Sumedang, kuring balik ka Bandung. Mun manehna teu balik, kuring ge tara, sanajan kacida pentingna. Pasalna mah gede kasieun. Kabogoh kuring sieun direbut ku manehna. Ceuk beja lurah santri teh ngaheroan kabogoh kuring! meueueunynynyiii...!

Asep Budi Syafi'i - Bandung

Pulsa

Dunungan: "Cik Jang, pangmeulikeun Kartu As! Yeuh duitna!"
Pembantu: "Mangga...!" (bari ngaleos indit)
Teu lila pembantu teh geus balik deui, bari mawa "kartu remi" sagepok. Pok nyarita ka dununganana:
Pembantu: "Numawi Bapa, teu tiasa cenah meser kartu As-na wungkul mah! Kedah dipeser sadayana cenah!" (bari mikeun kartu remi ka dununganana).
Dunungan: "Naaa Sujang, aya ku belegug! Kami mah nitah meuli pulsa kartu As, lain nitah meuli kartu remi!"
Pembantu: "Oooh..."

Agus B. Irawan
Desa Neglasari
Kec. Cisomper - Kab. Garut

Panas

Ujay: "Aneh Hp teh! Ongkoh geus dieusian pulsa, tapi henteu daekeun asup wae!"
Ajo: "Ari eta, naon kitu pulsa-na?"
Ujay: "Mentari!"
Ajo: "Oh, pantesan atuh! Panaseun meureun?" (bari ngaleos).

Agus B. Irawan
Desa Neglasari
Kec. Cisomper - Kab. Garut

Ngalahirkeun

Dani: "Kasebeleun bidan teh, pamajikan urang rek ngalahirkeun teu ditarima, kalah sina balik deui!"
Rian: "Naha?"
Dani: "Enya, cenah da hamilna ge karek lima bulan!"

Zam-zam
Desa Sindangsari RT 02/05
Kec. Cisompet - Kab. Garut

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

wiero djampang ngomentaran:

hatur nuhun nyi mangle hadir di jomantara eh di dunia maya,janten panglipur kalbu sareng tilam kasono ka lembur yeuh,,,! abdi di Saudi Arabia...teu weleh manco di payuneun layar,kagagas asa mulang ka th 80an,,90an,,mangsa paling endahna kenangan kahirupan sim kuring,,, salam ka sadyana dulur 2,resep macaan komentarna ,,,,

Himbar buana ngomentaran:

hahahahahaa halaah asa waraas ka jaman basa saya karak anyar lancar maca aya majalah ngalayah barang saya baca saya ngagakgak maca hahahaa..mantap lah manga akang baraya sadayana mana hahahaaaaa na sayah hayang maca.

Rinda Liana ngomentaran:

Kawas kurang waras. Eta kuring sura seuri sorangan di kantor, bari nyingharuepan komputer. lalucu...

Ujang Anom ngomentaran:

hadeuuuhhh, etah babaturan kantor beuki baeud we. Pedah ningali sim kuring musam-mesem sorangan. Cing,,lur kuring keur menang kabungah yeuh!!! hihihihihihihihihihi

irawati mainawati ngomentaran:

emut nuju SMA, bacaan wajib di perpustakaan teh mangle.. landong baeud...

Syauqi Ahmad Zulfauzi Stya Lacksana ngomentaran:

da upami abdi gaduh mangle teh nu pertama dibuka rubrik barakatak heula. nu sejenna mah engkin malah kadang2 sok tara diaos :D

tono hartono ngomentaran:

tos sabaraha teu maos mangle..euhh sok hoyong luncat jaman ka tukang..ka tau 80-an, 80-an mah the great moment lah ..edun mangle mah

Lili Suharya ngomentaran:

Mani asa waraas,tos lami pisan teu aos Mangle Hahahahah,margi teu aya di Batam mah,alhamdulillah ayana internet tiasa deui yeuh

Budi Robianto ngomentaran:

ha ha ha

Rahadian As'ari ngomentaran:

hahay lumaayalah ubar lieur tanba ngalamun hehehehe

eddy koesnady ngomentaran:

hahaha sucse salamina numaos nararacay.... Aya 3 sobat nu masing-masing kasab na jualan, nu saurang dangan baso..nu bubur ayam, nu saurang deui dagang kolob endog..3 sobat teh dalit pisan, lamun papanggih di pakasaban sok silih tawaran barang daganganana, ceuk tukang baso" Ngabaraso heulanya..?!" bari song 2 mangkok baso sapuratina diasongkeun, pon pilalagih tukang bubur " Lur, ngabaluburnya, geus lila teu diasaan ku ki dulur..", tukang endog de teu kireum-kireum da embung eleh mun nawaran teh " Aduh kabeneran panggih jeung ki sobat sok ah ayeuna mah meungpeung aya geura NGARENDOG..Haneut keneh geura", tk baso+tk bubur bati silih retet, gerentesna aing dititah gendog..beu..???

Agus Kurnaedi ngomentaran:

hahahahah.... daripada lalajo berita dina tipi nu eusina euweuh nu baleg, mendingan maca rubrik ieu, dijamin ngabarakatak tah, paling henteu musam-mesem sorangan!

Nursyamsudin ngomentaran:

hahahaha kuma carana pami hoyong ngintun naskah ha-ha-ha sim kuring hoyong babagi dina majalah mangle

Abudi ngomentaran:

asa lawas tilawas simkuring tiasa maca deui tulisan artikel dina basa sunda, jadi inget jaman baheula keur di lembur keur masih sakola SD sok rajin maca mangle teh atawa lamun peuting samemeh sare ku kolot sok dipangdongengkeun. boh nu lucu atawa serius pokona mah peupeujeuh kolot we, mani waas....

Yayat Ahadiat ngomentaran:

Asikkkk aya deui.... bade ngalebetan deui ahhhhh kapungkur mah sering ngalebetan ha..ha ha tehhh...... hegar deui urang sunda teh .... viva mangle...

denny ngomentaran:

nembe kapendak aya majalah mangle On Line, hatur nuhun ah..... jadi sumanget deui, komo lamun dina rubrik Hahahaha aya nu anyar.

Helmi Emaly Husni ngomentaran:

@Kantos Masantren? hahahahahahahahahhahaha.... @sadayana whuahahahahahhahhahahhah (euri ulit euteung eung.......!)

wawan setiadi ngomentaran:

Keur calawak ngabarakatak seuri hahahaaa.... laleur asup kana baham. Cuih..kasebeleun!! Pedah can nyikat huntu kitu? Sok ah tambihan hahaha na sing seueur meh tambih calawakna. Salam silaturahmi ti Majalengka

Tasya Nuraliyah ngomentaran:

Hahahahhhh

den iyus ngomentaran:

hoyong ngalanggan majalah mangle kumaha nya??

den iyus ngomentaran:

hoyong ngalanggan majalah mangle kumaha nya??

kalbarudin ngomentaran:

pami hoyong hgintun ha..ha..ha..kumaha carana?

teguh santoso ngomentaran:

Akronim teh nyaeta singkatan nu geus mangrupakeun "kalimah"... sanes "kecap" ??

Saepudin Mukti ngomentaran:

hahahahahaha...... hayang seuri!

kang maman tardi ngomentaran:

haturnuhun....hahahaha. WAAS KU CARITA PERKAWIS RIRIWA......

Rustandi ngomentaran:

Upami maos ieu carita sok isin sorangan da eta atuh bagi nyengir tea, upami tingali batur tangtos isinna teh. Kuring sanaos tebih si Sumatera (Bengkulu) kua ayana Majalah Mangle On-line langkung ngaraketkeun budaya Sunda.

kamal ngomentaran:

di kantor teh tunduh,,,,are maca mangle hahaha mah,,,seger deui... tapi sok seuri sorangan siga anu ogel...ah paralun teuing,,,,,,

H. Addan Wardhani, S.Pd ngomentaran:

Peunteunna 8 , margi henteu dugi nyuri kulit beuteung hahahahahahahahah...........................

cici.windari ngomentaran:

hahahahahahahaa aya ku wareg ieu gumujeng,,,,, majalah magle,,,,, sae pisan lah,,, jempol tah d pasihan na ge ku abdi mahhh

hidayat santosa ngomentaran:

Hahahaha rame mani raos gumujeng

pedro kawentar ngomentaran:

diantos ahh nu sanesna...!!!! uhh meuni asa kahibur ...

mang tahya ngomentaran:

"Hooor...rubrik "Ha..Ha..Ha" teh ngan sakieu-kieuna? Euweuh deui ieu teh..?" ceuk ki adi kerung. "Enya, ngan sakieu..!" cekeng daria. "Oooooh....!?" tembalna singget.

edwin ngomentaran:

mmmmmmmmmmmmmmmmmmmm...hhhhhhhhhhhhh.........gak gak gak gak gak gak gakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgakgak dicabak teh baseuh....ehm

Enih Rosamah ngomentaran:

Haaa..Haaa... janten panglipur sono ka lembur.... Mugia sing janten rohangan kangge silaturahim....

zaharis ngomentaran:

era euy rek seuri teh,..huntu na roheng..

Nova Sulaeman ngomentaran:

hahahahaha aya ayaa waeee . kang abdi bade ngirim carita ka barakatak kumaha ????

Deni jatnika ngomentaran:

sae pisan, bodoran sunda mah teu aya seepna.

amilia aam ngomentaran:

Bagea dulur dulur urang sunda.... ieu abdi ti Garut nepangkeun assun alias asli sunda

Kang Andi ngomentaran:

Hahahahahahahihihihihihihi......aduuuuh gusti, ieuh dugi ka nyeri kulit sapatu aeh... kulit patuangan balas ngabarakatak.... dugi ka kaluar cai mancur... aeh cai panon..... Hade lur...Hade...

Tutun Hatta Saputra ngomentaran:

Dawala (Maca Ha..ha..ha..): "Ah..ah..ah..ah" Gepot: "Naha seuri teh tibalik?" Dawala: "Pan macana ti katuhu ka kenca." Cepot : "Manasina maca Al- Qur'an."

amilia aam ngomentaran:

meni ngagebeg aya nami "neng ami" asa janten artis, he...he... Kang Ena teh tegep kitu? saha heula jajaka sunda tea.....

amilia aam ngomentaran:

mamah abi teh gaduh warung, hiji magsa naros ka ami bari rada heran " teteh, bener nya jaman ayeuna mah teu apal halal haram na teh nya" "naha kitu mah?" saur abi " eta ka warung, aya nu kanu motor nawarkeun selai oray, ih, ceuk mamah teh saha barina ge nu meulina" " ah, maenya mah" cekeng teh sapeupeuting abi teu tiasa bobo mikiran eta, nonton TV aya iklan Selai Olay. Oh... ieu meureun saur mamah selay oray teh, mamahna tos kirang dangu duka saliwang, abi janten seuseurian nyalira. Lucu teu? Ha...ha... da pangalaman ieu mah

abun hidayat ngomentaran:

dupi rubrik "pangalaman paramitra" mah di mangle online teu aya nya? sareng karikaturna si oded kamana? upami bade partisipasi boh carita atanapi naon wae kumaha carana nya...?

ARIP ngomentaran:

heheheheee, rubrik "ha.ha.ha.." ieu anu ngajantenkeun unikna majalah mangle, pokoknana mah sae pisan, edun euy...

Tutun Hatta Saputra ngomentaran:

Kagagas. Geus lila sim kuring teu ngeusian rubrik Carpon Lucu tur Ha..ha..ha. Hampura, Nyi Mangle! Teu kasiwer. Muga-muga pikahareupeun sim kuring bisa ngilu aub deui. Salam sono haturan Nyi Mangle katut sakumna pamaos. Hatur rewu nuhun. (TUHASA)

dicki sahidin ngomentaran:

dicki sahidin ngomentaran:

eitt.. hilap komentar na, maklum bari getik. bari ngasuh nu alit, parebut mencet keypad sareng si alit.., pokok na mah sipppppppp lah.. seger-seger- seger..., betul betul betul ceuk si ipin mah.....

dicki sahidin ngomentaran:

obat awet anom..., sareng obat panglipur lara upami na mah kanggo anu nembe di putuskeun ku bebende...., dari pada ngantung diri langkung sae maos ha ha ha ha ha.. bari milarian deui bebende anu engal.., he hehe he

atev nirwana ngomentaran:

punten, ku abdi dipintonkeun ka pesbuk ... nuhun

Dewa Balebat ngomentaran:

nhn psan...hahahahahah....

dhenny nurhaidah ngomentaran:

Hatur nuhun aya rubrik majalah mangle on line , asa kaubaran hate... sono... margi tebih ti nagara sorangan.

mang tahya ngomentaran:

Ari sugan teh pantar ajengan mah teu sedepeun pesbuk. Kanyahoan soteh basa keur ngawurukan ngaji putuna. Pokna teh kieu "Ba jabar ba, ba jeer bi, ba peesbuk..!". Katingali putuna tanggah neuteup eyangna, "Aki teh ngawurukan ngaos, atanapi nuju pesbukan ieu teh..!? cenah. Kuring teu kawawa nahan seuri, laju ngabarakatak. Ngan orokaya isukannana kuring disetrap kudu ngeueum dina balong. Heuheuy deuh !

Effi Hastiati ngomentaran:

tos lawas teu maca mangle...ti kapungkur rubrik ieu anu dipikaresep...angger keneh lucu!!!!

mang tahya ngomentaran:

Kapribadian jalma ditaun 2010 ditingali tina HITUTna: 1.Jalma teu jujur:lamun hitut sok nyalahkeun kabatur. 2.Jalma pedit:hitutna diempet-empet. 3.Jalma sombong:hitutna di sadakeun tarik pisan nepi ka ngajelegur. 4.Jalma teu gaul:mun hitut sok nyumput. 5.Jalma sial:batur nu hitut, manehna nu katempuhan. 6.Jalma bodo:resep ngambuan hitut batur. 7.Jalma pinter: lamun hitut sok ngabalicet. 8.Jalma euweuh gawe: jalma anu...maca ieu berita.

mang tahya ngomentaran:

hahahahahaaaaaaa....... halah tangka ngelay deuh! saminggu teu maca anu kieu, awak ngadadak muriangan, dokter oge taluk teu bisa ngubaran, hahahahahaaaa

agus ramdani ngomentaran:

haha....ngiringan ah ...poko na mah edun lah........

H. Maman W. Wasitaatmadja ngomentaran:

Tegep lah.....! sabaraha nya honorna ngadamel Ha..Ha...Ha...teh ? taun 80 an mah sok ngiring ulubiung, honorna Rp. 500,-

Kang Ginandjar ngomentaran:

ha..ha..ha..hi..hi..hi..hu..hu..hu..ho..ho..ho..he..he..he.., tos lawas teu ngaos mangle rubrik ha..ha..ha,.. ayeuna tepang dina jagat maya.. hatur nuhun ka mangle online...

Ahmad Salim (Iwan) ngomentaran:

Kirang keneh.. cobi tambihan deui, kagok nuju ngaha..ha.. ari pek.. tos seep

asep darso ngomentaran:

he...

andang ngomentaran:

wuahahahahahaha...harita buta oge milu seuri

andang ngomentaran:

wuahahahahahaha...harita buta oge milu seuri

dikimon ngomentaran:

teu kuat tunduh. Balik ngaronda,kuring datang ka imah jam 6. asup ka imah, nempo kukas. Kabayang aya seprit tiis nu matak nyegerkeun awak. Ari seg teh bener aya. Teu di pikir posisi kulkas teh jd di dekeut lomari. Lomari ge naha jd aya d tengah imah.ah.. Teu paduli. terus ek k kamer tepi teu kuat hayang sare. Ah sare dina sopa we. Hudang jam 8.kahudangkeun ku aya tamu tiluan. Nu duaan salaki pamajikan.ari hiji deui jiga satpam (da make seragam hejo). Di ajak diuk embungeun.ngadon malik nyarekan. Satpam kalah pipilueun ngaborgol leungeun kuring... Kuring di bw ka luar imah.pas di tempo ti luar nempo imah kuring jadi cet beureum. Har.... Ieumah lain imah kuring. Karek we ngarti kuring di birgol teh duduhkeun bangsat kasarean. Gustiii...

Dewa Balebat ngomentaran:

Abdi tikapungkur nuju alit terang kana mangle jaman pun bapa langganan...nuhun pisan dugika seu2l angeun...ha..ha...

Suwanda ngomentaran:

Cenah urang Sunda mah moal bisa jadi presiden, sabab kabeukina ngan heureuy wae.

kabayan ngomentaran:

abdi hoyong mangle edisi tahun 2007an...

denni kusdinar ngomentaran:

tos lami teu maca mangle emut kapungkur nuju dilembur,panginten tos aya 15 tahun nembe maca deiu,asa waraas.....emut waktos katukang....

Ujang Sudarjat ngomentaran:

HEUHEUY.....TREUK... Alhamdulillah geuning teu saateun picaritaeun najan bari teu pati lucu ge...nu penting mah asal mayeng we unggal minggu barakatak kaeusian...

Duse ngomentaran:

Seuri nyalira kalah isin ditempo ku nu ngalangkung... hkhkkhk..

hadi elha ngomentaran:

Kang Asep leres eta teh.............?

Nugraha Soekari ngomentaran:

Moal aya deui, pang rame-ramena, panglucu-lucuna ngan ukur heureuy urang sunda!!!!

restu ngomentaran:

Taaahh judul nu terahir yeuh,.. bikin sayah seuseurian.. :)

Adang Koswara ngomentaran:

tetep lucu ti kapungkur teu nu panjang teu nu pondok teraskeun rubrik ieu wios namina mah bade ha..ha..ha...bade hi..hi..hi ge

Nano Cahyono ngomentaran:

sae lah mangle mah... matak ngabarakatak maca hahaha na

rifqi ngomentaran:

hahaha wakakakakak belekok sia heheheh

kabayan ngomentaran:

curuk katuhu dina palipis katuhu bari mikir seuri entong....seuri entong.... seuri.... hahahahahaha....... dasar borokokok.... sok ah neangan deui.... uing rek sare heula.... ke mun geus meunang ide hudangkeunnya.....

Dodi Yudistira ngomentaran:

sim kuring sono pisan ka mangle, kapungkur mah kantos ngalanggan, namung ayeuna jalaran tebih di sumatera barat teu tiasa langganan deui... tapi teu sawios margi mangle di dunia maya tiasa janten ubar kasono...

Deden Roejita Hidajat Ahmad ngomentaran:

Euh mani resep maosna rubrik hahaha teh, lucu sareng santai janten fresh kana hate sareng emutan....

Abhoel ngomentaran:

teu sawios ku abdi di posting dinu pesbuk bandung kuring nya... kanggo ngaleketek wargi di pesbuk bandung kuring

Budi Setiabudi ngomentaran:

lumayan tamba kesel teuing...ha..ha.. daripada ngabako, naon teu nyambung..

AGUS EFENDI, S. Pd ngomentaran:

Upami maca rubrik ha..ha..ha..mah awet ngora, sabab sok seuri sorangan. itung-itung hiburan. punten bhsna campur Banten

AZAT KOSIM ngomentaran:

Manawi ka Akang-akang pengasuh Rubrik ieu tiasa digentos namina nya ? Pedah saemut sim kuring ieu kolom teh Ha Ha Ha bae .... cik atuh manawi sasih payun mah Hi hi hi... ke na deui huh.hu hu.. Apan Ha ha ha saja mah, banyak calawakna kaya bapa sawa tas dahar samangka... Nya Kang ???

Handi ngomentaran:

hheheheheheehhe.... maca teh bari terus bae nyeuleukeuteuk seuri...... untung we pun bojo nuju tibra teu engeuh aya nu seuri sorangan.

Deni Herdiana ngomentaran:

upami hoyong ngiringan nyerat dina rubrikna, kumaha nya?

mila karmila ngomentaran:

hehehe..waas lami t maca majalah mangle ayeuna tiasa deui alhamdulillah...htur nnuhun mangle....

sukanda.km ngomentaran:

Saderek M Arysa mani tiasaan nya ngdamel HaHa ha manawi eta teh pangalaman nyalira ? Wios lah leres henteunamah anu penting ha ha ha . Enggalnya ngademel anu lengkung sae ngarah pogot, hi hi hi

eros rosita ngomentaran:

Asa seger deui yeuh tos maca ha ha ha, biasa kamalayon di Bontang mah.

Sukarna ngomentaran:

asa seger, asa guligah hate teh sri ngaos rubrik iyeu.

sihabudin jamil ngomentaran:

kinten iasa ngiring ulubiung ngintun carios ngalangkuangan rohangan Sobat Mangle ieu? Manawi sareng manawi

Neng Iyay TS ngomentaran:

hahahahhahahahhahahhah..HAHAHAHHAHAHAHHAHAHA,,,,HaHaHaHaHaHaH................... ngelayyyyyyy euy....!