Ngintun Naskah
Tim Mangle Online seueur nampi pertarosan ngeunaan kumaha carana ngintun naskah ka majalah Mangle. Katawisna minat para Mitra kawilang ageung dina enggoning ngiring ngareuah-reuah eusi majalah Mangle. Ku kituna, di dieu baris diguar sababaraha cara ngintunkeun naskah ka Mangle.
Pikeun Majalah Mangle Cetak
Nu kahiji, Mitra tiasa ngintunkeun ka email Rumpaka Mangle nu alamatna majalahmangle@yahoo.co.id atanapi rumpaka@majalah-mangle.com. Salajengna baris aya email waleran ti tim Rumpaka Majalah Mangle ngeunaan proses seleksi naskah sareng informasi sanesna. Ku kituna kedah diperhatoskeun yen email nu dicantumkeun kedah email nu aktif kalayan dianggo sadidinten ku Mitra.
Katangtuan penulisan naskah nyaeta:
- diketik nganggo format doc atanapi docx.
- ketikan kedah rapi jeung luyu sareng kaidah pengetikan naskah formal. Diantawisna spasi diantawis dua paragraf, margin katuhu sareng kiwa nu mantes jeung saterusna.
- ejaan kedah leres, henteu aya nu lepat ketik atanapi lepat ngagunakeun hurup ageung atanapi alit.
- upami aya gambar atanapi foto, kedah dikintunkeun dina file nu misah (ulah dilebetkeun dina dokumen doc/docx). Format gambar kedah nganggo .gif, .jpg atanapi png sareng ukuranna henteu langkung ti 200 KB (supados ngintunkeunna sareng nga-download-na henteu lami).
Pikeun Majalah Mangle Online
Ayeuna Mitra tiasa ngintunkeun naskah pikeun Majalah Mangle Online. Katangtuan umum sami wae sareng katangtuan ngintun naskah Mangle Cetak. Mung bentenna, naskah nu dikintun pikeun Majalah Mangle Online mah bakal dimuat wae, salami eta naskah masih luyu sareng katangtuan di luhur, oge sareng visi-misi Majalah Mangle.
Mung nya kitu, kumargi teu aya sistem seleksi naskah, Mitra nu naskahna dimuat moal kenging honor. Naon atuh untungna ngintunkeun naskah ka Mangle Online?
Kantenan seueur mangpaatna pikeun Mitra.
- Mitra parantos ngalakukeun peran nu penting dina ngamumule Basa Sunda.
- Mitra tiasa nyalurkeun minat nulis dina Basa Sunda. Eta hartosna baris ningkatkeun kaparigelan Mitra dina barang tulis.
- Mangle Online parantos seueur peminatna, henteu wungkul ku masarakat Jawa Barat wungkul, tapi oge ti mamana. Ayeuna urang Sunda teh tos sumebar ka sakuliah jagad. Ku kituna, nami Mitra baris kawentar di kalangan para pecinta Basa Sunda ku jalaran rajin ngintunkeun tulisan ka Mangle Online.
- Tim Mangle Cetak baris nyeleksi oge naskah-naskah nu dimuat dina Mangle Online. Saupamana aya naskah dina Mangle Online nu pikatajieun, eta naskah baris dimuat di Mangle Cetak. Upami tos dimuat di Mangle Cetak, Mitra baris kenging honor.
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaIban Robani ngomentaran:
Insya Allah bade iraha-iaraha mah ngintun naskah ka mangleAmalia Lilia Rozali ngomentaran:
mani hoyong ngintun carita pondok sapertos nu sok diserat ku Holisoh ME....Taufik Maulana ngomentaran:
Upamina simkuring hoyong ngintun naskah karikatur, naha tiasa ditampi ku nyi mangle?Komarudin Tasdik ngomentaran:
InsyaAllah abdi bade ngiringan sanaos nuju diajar keneh. Haturnhunyadi rosadi ngomentaran:
hatur nuhun mugi kuayana tali silaturahmi ieu tiasa ningkatkeun darajat ekonomi ku anawisan seratan...mugi aya jodona......Achmad Suryana Nuradinnata ngomentaran:
wah kantenan hoyong ngintunkeun naskah kumaha upami sapertos kapungkur aya pangalaman para mitra puguh sim kuring teh bingung naha sim kuring teh urang sunda asli waktos bade ka Cirebon geuning ka impenkeun pajaratan Cina waktos di Sumatera ka impenkeun karuhun teh aya di kota Lahat Prabumulih B aturaja Sumatera Selatan padahal sepuh teh pituin urang Tasik Pakidulan komo di pangumbaraan teh papendah sareng eyang Siliwangi saleresna pribados hoyong nyaba ka Bandung ka nyi Mangle bade nyaritakeun pangalaman sim kuring tiasa henteu hatur nuhunCarwan Sudjana Prassetya ngomentaran:
insyaalloh bade nyobian ngintun,haturnuhun pisan info naCarwan Sudjana Prassetya ngomentaran:
Hatur nuhun kana penjelasanana. Insya Allah sanaos bari sambilan bade nyobian ti ngawitan on line bae heula. Pan kitu sanes ? Itung itung sakola ti kelas hiji heula, luncat teu ka TK heula, komo PAUD mah PAUR atuda.Carwan Sudjana Prassetya ngomentaran:
Punten, eta komentar pribados naha aya dina nami sanes ? Carwan Sudjana Prassetya. Teras sahandapeun nami pribados aya komentar anu teu diserat ku jinisna. Naha kitu nya ? Nyuhunkeun penjelasan supados kahartos. Hatur nuhunsaevany nur'azizah ngomentaran:
abdi bade ngirim puisi wios teu ?Roni Dahroni ngomentaran:
Kataji, mugiya sanés waktos gaduh kasempetan kanggé ngareuah-reuah Manglé...aditya kamana ngomentaran:
kataji pisan tpi teu tiasa ngadamel nskh na bde jnten tukang coment we sim kuring mah kmha wioss?Aji Nurhamzah ngomentaran:
Insya allah ke bade nyobian.. ;-)rika purnamasari ngomentaran:
punten nyondong alamat email nu sanesnayadi ngomentaran:
insya allah bade nyobian ngintun. manawi sasieureun sabeunyeureun tiasa eksis !!! hehehehehe.........Haji Muhammad Soemadi ngomentaran:
upami carnyam tiasa teu nya? atawa novel sundaIrawan Siswaya ngomentaran:
Naskah nu tiasa dikintunkeun teh sanes ngan wungkul carpon jeung sastra lainna nya?naskah warta budaya ge tiasa kitu?mang Utun ngomentaran:
upami carita dina mangle online teu aya anu update an anyar kitu Kang?Rida Firdaus ngomentaran:
alhamdulillah aya mangle on line..jadi tiasa ngiring diajar ngamumule basa sunda..yandi wiryandi ngomentaran:
upami cover majalah edisi september saha kang ?mang Utun ngomentaran:
bade naros! upami ngintun naskah ka majalah mangle on line ka alamat mana kang!DianGoreachBee ngomentaran:
Punteun upami mangle edisi taun salapan puluhan masih aya..??haturnuhunYayan Sahindi ngomentaran:
Muhun,sapertos saur saderek bapa tatan z bagja raraosan teh tiasa lebet kaieu situs mangle online sok atuh tambihan deui ku konten2 anu leuwih 'fresh' ngarah maosna leuwih pogot!Tatan Zakaria ngomentaran:
Alhamdulillah...tiasa lebet di situs Mangle. Hatur nuhun, mudah-mudahan janten obat kasono di pangumbaraan. salam, Drs.H.Tatan Zakaria,MM (tizet.tasmal)egie mugiaperyogi ngomentaran:
alhamdulillah.....ngiring bingah ku tiasana gabung sareng mangle online.........duh seueur carita nu matak kagagas upami maos mangle teh..........insyaAllah sim kuring bade nyobian ngintun naskah.....mung nuju di susun keneh...ke manawi tos tuntas..........salam pangwanoh ka sadaya na mitra ti sim kuring wasta EGIE kawit ti Banjaransari Cikijing....alumni SMPN cikijing Thn 1984/85Acep Budi Santosa, S. Pd. ngomentaran:
Sim Kuring ge ti Cirebon, Ngiring bingah ah aya mangle on line. Ah, rek ngintun we ke mah....mung hampura mun ramijud basana. Hatur nuhun. Aya ku reueus ka tim kreatif ti redaksi Mangle.Kusna Rusyana ngomentaran:
ke punten naskah anu tiasa dikintun teh mangrupi naon wae? tangtos carpon mah panginten, upami naskah berita kumaha? tiasa? Hatur nuhunkhoirul imam ngomentaran:
kapungkur kinten-kinten taun 60-an, sim kuring kantos langganan mangle anu eusina munel pisan. "carnyamna sae pisan" sepertos jin islam di karesek, pondok jodo didodoho, tamiyang meulit kabitis... jrrd... masih aya keneh teu arsipna? hatur nuhun.Iman Ali Firmansyah ngomentaran:
Tumaros,Upami ngintun nasakah ka mengle online,naha bakal langsung di tag,atanapi kedah ngntosan giliran heula..?? hatur nuhun.Usep Garmana Razaq ngomentaran:
Ngaraos bingah ku ayana Mangle Online,tikapungkur hoyong pisan aya nu sapertos kieu,namung jalaran tara kakoreh panginten asa katinggaleun jaman pribados teh. Yu urang jaga jeung kembangkeun kreasi-kreasi urang sunda,budaya-budaya sunda anu beuki kaurugan ku budaya-budaya sanes,prung ah........!Apuy Darehdeh ngomentaran:
Sampurasun, sanes tuturut munding ieu mah,tikapungkur hoyong ngiring jabung tumalapung di majalah mangle teh, alhamdulillah geuning katurug katutuh aya mangle online, prung ah...Eni Kunaenih ngomentaran:
asa kagagas pendak deui sareng nyi Mangle sanajan kiwari tos model online, emut kapungkur warara'as dupi teh Ningrum J,kang Dadang,teh Aam,kang Duduh ....aah harilap deui da tos lami pisan 30 th kapengker masih araya keneh arajeunna ? kuring fansna.Asep Surahman ngomentaran:
tikapungkur hoyong caket sareng mangle teh nya kukitu tea seueur karepot dunia mah gening.. alhmdllah ayna aya mangle online. hatur nuhun pisanhikmat saeful bahri ngomentaran:
mangle online oke pisanRinda Liana ngomentaran:
Alhamdulillah tiasa mendakan website mangle online. Ti nuju SMP, kagueguet kana Majalah Mangle teh. Mugia urang Sunda langkung maju dina sagala widang. amiinimas suarsih. S.Pd. ngomentaran:
hatur nuhun ka mangle anu tos tiasa online . hidup mangle.......maju, hidup ki sunda. ati sunda . jati sunda...........!asep dodi ngomentaran:
hoyong na mah ..hoyong mung........ngarojong heula we ayeuna mah ..... hidup mangle....hidup urang Sunda.......sutisna (abah gaul) ngomentaran:
Insya Alloh bade nyobi2sukaesih ngomentaran:
alhamdulillah.. nembe kapendak wawarannana... hoyong ngintunkeun sababaraha hiji mah tapi nu tos dipublish di wall FB . teu sawios kitu??Encep Hermawan ngomentaran:
Kataji pisan,,, mung nerat dina basa na masih keneh pabaliut,,,,dase sukarna ngomentaran:
Alhamdulillah. Toa aya nu on line mah raos pisan, teu kedah ngalamotan curuk kanggo mukaanana. Kantun klik.....klik bae. Wilujeng pamugi Mangle teras majeng.Yopie ngomentaran:
Sim kuring oge minat kana nulis dina basa sunda ngeunaan naon wae mugi tiasa kalebet katagori basa sunda anu umum da nuju diajar, bubuhan ti bubudak matuh di BatawiOsid Sulaeman ngomentaran:
insya allooh hoyong ngiring ngareuah-reuah, perkawis imbalan ... rumaos nembe diajar teu teuing janten tujuan dina waktos ieu mah .......... der ah.herry mochammad ma'mun setiawan ngomentaran:
Insya Alloh, manawi aya sasieureun sabeunyeureun tiasa nambihan elmu pangaweruh pikeun para wargi sadayana, khususna dina ngaronjatkeun ajen urang sunda. Amin!Ferry Timorochmadi ngomentaran:
Hoyong ngintunkeun ngan masih bingung bade nyerat naon...Encang Zaenal Muarif ngomentaran:
Siap...ayeuna ge bade langsung ngintun....Nursyamsudin ngomentaran:
hatur nuhu, insya Allah bade dicobianDrs. Wawan Setiawan, SH. ngomentaran:
Insya Alloh bade nyobian manawi tiasa dimuat ninimal seratan tiasa kauji sarengna deui ngiring ngarojong kanggo ngamumule bahasa sundaCepy Pamungkas ngomentaran:
Sae-sae lah, ke urang cobian ngintun tutulisan nya,,,,,,,,,,,,,,,,mang tahya ngomentaran:
Bagea.Lili Rohili ngomentaran:
magga antosan kintunan'na..mudahmudahan tiasa di terbitkeun..henti rosdayanti ngomentaran:
tah ... insya Alloh... mugi-mugi tiasa ngareuah-reuah, majalah kamemet urang sunda.... mangle tea.. eh.. dupi aden endul kumaha damang ? geuning teu aya katingal..? :)henti rosdayanti ngomentaran:
ke..ke... rupina aya kalepatan tina migrasi sytem ... naha nami simkuring jenten robih ..nya.. padahal email sareng login mah anu biasa login di mangle .. janten nami istri ..ieu teh kumaha :) ... alah kedah lebet misteri atanapi hahaha ieu teh... punten administrator..abun hidayat ngomentaran:
tah eyeuna mah tos leres... hehe..hatur nuhun pak admi...