Thu, 23-02-2012
Lawang Saketeng

Ngungkab Perang Bubat

Pintonkeun di FB

Para mitra,

Puluhan taun kalangkung, basa MANGLE ngamuat  carios Perang  Bubat  kenging  Yoseph Iskandar, aya inohong Sunda nu ngintun serat ka rumpaka, saurna langkung sae carios sapertos kitu ulah dimuat, kumargi tiasa ngabarubahkeun  masarakat. Dina jaman Orde Baru harita nu represip, kahariwang  inohong Sunda bieu tiasa kahartos tur kamalum. Miang tina sangkaan sae, tiasa janten inohong bieu manghariwangkeun  bok bisi majalah MANGLE dibreidel ku pamarentah. Namung tetela kasieun kitu nyatana kaleuleuwihi, da buktosna dugi ka carios nyambung bieu tamat, teu aya tegoran nanaon ti pamarentah.

Sanaos kitu, teu tiasa dibantah, wacana  Perang Bubat ti mangsa taun 50an, mangsana saheng Front Pamuda Sunda, dugi ka taun 80an, mangsa jayana Orde Baru, mangrupi hal nu kontroversial. Sanes patali sareng materi sajarahna nu kedah ditalungtik deui, namung  pangpangna mah dampak pulitisna. Masualkeun Perang Bubat tiasa kalebet kana masalah SARA nu harita teu kinten dipindinganana.

Namung ayeuna, berkah  meletekna  jaman Reformasi, teu aya deui apan hal nu kedah dipindingan ti ngawitan  nyawalakeun ideologi kiri sapertos ajaran  sosialisme dugi ka ideologi kanan sapertos "neo lib" atanapi "teokrasi", sakumna hal bieu  tiasa wae ayeuna mah diambeng kanggo konsumsi balarea. Kalebet tangtosna oge, masalah-masalah nu kapungkur mah dilebetkeun kana sentimen kadaerahan, sapertos Perang Bubat, Kongres Pamuda Sunda sareng sajabina.

Para mitra,

Kumaha saleresna Perang Bubat teh, naha kiat "pembenaran"  sajarahna? Di mana tempatna Karajaan Majapait teh atuh?Naha angger misteri keneh sapertos Karajaan Sriwijaya nu dugi ka ayeuna teu eces dumukna? Kitu deui naha leres Majapait teh kalebet karajaan nu digjaya ngawasa sakumna wilayah Nusantara?

Tah, masalah-masalah  bieu kapidangkeun dina MANGLE ayeuna minangka laporan hasil ngadongdon wartawan MANGLE sareng rombongan ti Disparbud ka Trowulan di Jawa Timur.

Salajengna  rubrik Tamu ayeuna midangkeun sawangan  Bapa Drs.Nunung Sobari MM, Kapala Anjungan Jawa Barat, Taman Mini Indonesia Indah. Jelas, Anjungan Jawa Barat kalebet penting enggoning  ngahudang  karep masarakat sangkan katodel hatena hoyong ngadongdon  Propinsi Jawa Barat. Tos dugi ka mana  Anjungan Jawa Barat TMII dibebenah? Naon wae tina pajangan di Anjungan Jawa Barat nu kedah dikokojokeun?
Ngaronjatkeun atikan formal, pamustunganana mah ditangtoskeun ku proses ngajar sareng diajar  sadidinten di sakola. Teu aya nu langkung terang kana kaayaan kitu iwal ti guru. Kukituna, pamendak guru teu kinten peryogina diwanohkeun ka masarakat sangkan aspirasina dugi ka lapisan "penentu kebijakan"  masalah atikan. Mangga geura, para mitra ngimeutan sing teleb tur imeut  rubrik Mimbar Atikan.

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Mang Udin ngomentaran:

Punten, dupi sim kuring mah kirang sapamadegan sareng "waogut". Kumargi urang ge tos mafhum yen kitab Negarakertagama mah diserat ku abdi dalem istana Majapahit. Janten moal mungkin "ngabolekerkeun liang tai sorangan". Benten sareng kitab Pararaton nu nyeratna pariposna mah teu aya pakuat-pakait sareng istana (benten mangsa oge). Apanan oge jentre dina Carita Parahyangan oge kaunggel Palagan Bubat teh. Janten upami teu percanten kana Palagan Bubat sami sareng ngangken yen naskah Carita Parahyangan oge naskah palsu rekaan bangsa deungeun. Cag...

Herdiana ngomentaran:

ari saur simkuring mah, langkung sae redaksi dina ngolah carita perang bubat anu kedah seueur berperan aktif na dimana tujuan na ngan kanggo persatuan bangsa dimana ngadukung program pamarentah nu mana budaya daerah nu nyokong budaya nasional. nu penting mah tetep ngajaga persatuan bangsa indonesia.

eddy koesnady ngomentaran:

Alhamdulillah panuju...upami perang bubat di publikasikeun, kantenan upami di muat dina pangajaran sakola, supados teu pareumeun obor "saha ari ki sunda saleresna" ulah kabobodo tenjo kasamaran tinggali, nu enya di lain-lain nu lain di enya-enya...."BANGSA YANG BESA ADALAH YANG MENGHARGAI JASA PAHLAWANNYA" sanes kitu nyi Mangle...?

ki semar ngomentaran:

Hapunten. naha tiasa "Perang Bubat" dimuat deui dina mangle on line ? Hatur nuhun

buds_kari ngomentaran:

ari saur sim kuring mah,perang bubat mah eta teh carita lawas kanggo enteung pikeun urang sunda. Tah ayeuna mah waktosna kanggo urang sunda makalangan,ulah eleh kunu lian.

waogut ngomentaran:

Perang Bubat dicatet dina naskah kuno PARARATON, sedengkeun eta naskah teh henteu jelas saha anu nulis/pengarangna. Padahal aya naskah kuno anu langkung otentik dibandingkeun PARARATON nyaeta naskah Nagara Kretagama, anu resmi ditulis di jaman raja HAYAM WURUK sareng patih GAJAH MADA. Tapi dina kitab Nagara Kretagama samasakali teu nyabit-nyabit perang Bubat. Tiasa wae ngenaan perang Bubat teh, eta taktik pulitik pihak katilu di jaman harita keur ngadu domba antara PAJAJARAN sareng MAJAPAIT.

gunawan sapuraga ngomentaran:

simkuring ngaraos prihatin pisan ku bahasa sunda nu sesah kapendakna,sareng jarang pisan ka kuping dina bahasa sahari hari,terutami di wewengkon bekasi padahal masih kalebet jawa barat,kitu deui pangajaran di sakola sakola kirang pisan pemantapannana,kumaha carana supados sunda tiasa ngaronjat deui sepertos suku suku nulainna,sepertos urang padang,urang jawa estuning ngamumule pisan kana bahasana

Yusuf Maulana ngomentaran:

Sampurasun, ngiringan ah. Sajujurna, keur urang Sunda, eta perkara teh tos dianggap rengse, jalaran Hyang Prabu Bunisora Suradipati sareng Hyang Prabu Wastukancana tos nganggap rengse. Mung upami urang tilikan saleresna ti pihak ditu nu panasaran keneh keur nguasaan Tanah Sunda dugi ka kajantenana runtagna Pajajaran 1579 M. Geura ilikan dina Uga Siliwangi. Keur sim kuring mah, pedarkeun bae, meh jelas-sajelasna, jentre-sajentrena, teu disumput salindungkeun, komo direkayasa.

james ngomentaran:

abah ambu aki ninik tur sadaya baraya anu dimana bae...sim kuring mah hilap kana carios palagan bubat iwal ti mimiti kasarakahan jalma anu teu aya pandeurian-na nyaeta perkawis sumpah palapa tea....sabalikna urang sunda anu tos sajahtrera makmur bagja tur bagea disuguhkeun kana pasualan batur anu hoyong dara geulis dipibogoh nanging hayang oge kana upeti naga vazzal anu hartosna TAKLUK KASAJATIAN bangsa anu ngajajah tea.....duh gusti bet kunaon sajarah urang janten hideung kitu nya.......

egie mugiaperyogi ngomentaran:

numutkeun sim abdi mah taya lepatna upami sejarah prihal perang bubat di publikasikeun margi penting pisan kanggo pelajaran sareng eunteung pikeun urang sadayana.....teu sakedik sejarah sejarah waktos katukang anu kalintang pait tur peuheurna tap da namina oge sejarah.....atuuh hatur nuhun

P. Irawan ngomentaran:

Numutkeun simkuring mah, aya saena 'diskusi' ngeunaan Perang Bubat teh tong diperpanjang, margi tangtos kontraproduktip kanggo urang Sunda. 'Perseteruan budaya' (mun enya tea mah aya) antara etnis Sunda sareng Jawa saleresna mah teu kedah kajantenan, komo mun ditilik tina kaca mata agama mah dipahing pisan. Urang Sunda teh sadulur jeung urang Jawa, Madura, Bugis, Minang,sareng nu sanesna asal saakidah sasahadat.

asep dodi ngomentaran:

asa ngagebeg,atoh aya,teu ngahaja,kuring ngaKlik mangle da tadi na mah susuganan,nuhun dulur kuring bisa mukaan deui eusi anjeun,inget baheula mangsa ka tukang taun '86-an;hayang Mangle teh meuli nu urut,teu kabedag meuli nu anyar.bisa maca edisi anyar teh ulin k babaturan nu bapana gawe di redaksi Mangle.janten emut ka guru basa sunda nu namina INO MISNO.anjeuna sok ngitunkeun carpon.Jumeneng keneh kitu anjeuna?nuhun pisan.....Bravo...lah.....

Lili Suharya ngomentaran:

Nunamina sajarah,asal leres kanjantenana sanes hasil rekayasa,bade pait atanapi manis kedah didugikeun kagenerasi salajengna.Pami awon kanggo eunteung,pami sae turutaneun sareng kedah ditingkatkeun...

adink ngomentaran:

aya malih nu nyebatkeun perang bubat teh 'bohong', mung kanggo kapentingan pulitik mayoritas etnis 'tertentu' supados dianggap jugala... tapi leupas tina leres henteuna...kumaha wae versina...catetan sejatah perang bubat kedah diwanohkeun ka generasi nu salajengna..supados langkung terbuka dina maca rupi2 versi sejarah...langkung jembar dina nampi buktos sejarah sanaos 'pait' dikonsumsi na... tapi..nyanggakeun atuh ka para ahlina.. he he he...