Thu, 23-02-2012
Carita Pondok

Nu Sok Patingalasrog

Pintonkeun di FB

Ku Supriatna

Kuring, adi, indung, uwa, emang, caricing teh di imah nini. Aki tos ngantunkeun, uwa jeung indung geus teu karagungan caroge, emang bujang kapalang, ABG ceuk basa ayeuna mah.
Pagogonyok di imah sagede gowok.

Imah panggung, tihangna ge ku awi. Inget we tihang teh aya nu molongoan, paranti nyesepkeun buuk kusut nu murudul kabawa ku sisir ari nini, indung, atawa uwa nyalisiran. Tara dipiceun, da sok aya Si Ayu, Jawa, nu sok ngasrog nyiar rambut kusut.

Matuh we saurang, Si Ayu eta, nu sok ngasrog ka imah nanyakeun buuk kusut teh. Teu pati inget, naha saminggu sakali atawa sakumaha-sakali sok datangna teh. Da lain ka imah kuring wungkul neangan rambut kusutna teh, tapi ka imah Ne Sawi, Ma Tinah, Uu Ijot, Uu Timah, nu tarepung buruan jeung imah kuring. Malah ka lelewek-lelewek sejen ge di lembur kuring, meureun osok.

Lancar nyarita Sundana teh. Tapi angger we kaciri Jawana, lebah nararareundeutna.

Sabaraha-sabaraha sok diduitanana rambut kusut sacomot teh, kuring teu titen, tapi dedengean teh ukur saketip-dua ketip (lalakon sekitar taun 1957 ieu teh).

"Rambut kusuuut... rambut kusuut...!" cenah ari jol teh, minangka uluksalamna.

Umum sugan harita mah, rambut kusut teh jadi komoditi usaha koreh-koreh-cok.

Tukang gandong deuih nu sok ngasrog teh. Aya dua.

Nu hiji Ma Icih, urang Lembur Situ. Tukang dagang urusan deungeun sangu, kayaning tarasi, lauk asin, pindang, kulit, hampas kecap, tahu, tempe-apal kana sate kerewedan ge kuring mah tinu kieu. Jeung sarupaning samara deuih: pecin, gula beureum, uyah gandu, pedes, katuncar, muncang, asem, bawang beureum, bawang daun, bawang bodas, jeung sabangsana. Jeung dahareun budak utak-eutik saperti ongol-ongol, japilus, jojodog monyet, tengteng, ager kering, rancis, subadra, cangkaleng colok, emplod, gegetuk, putumayang, kaneker, odading, rarawuan, onde-onde, jeung sapapadana. Ager laut ge sok aya, ngan ti laut nu pangkiruhna meureun, da agerna teh teu mecak, teu aramucuy cara ager Nyonya Cong.

Tara ngagebreg sagala aya dina sakali datang teh, kitu we sok gunta-ganti. Malah nu ukur usum-usuman ge aya saperti usum jagong, urab jagong, usum suuk, kulub suuk, usum kacang bulu, kulub kacang bulu, jeung sajabana. Kacang bulu mah jeung gagang-gagangna dikulubna teh, dibeungkeutan. Leukleuk ngadaharna ge kacang bulu mah-metik, can mesek, ari nu dihuapkeun ukur saselapeun kana huntu korowok.

Mani sok ngadungklik datangna teh, da babawaanana atuh mani satumpukan. Panghandapna said - boboko gede said teh, bisi barudak teu apal - eusina rupa-rupa. Luhureun said patumpuk-tumpuk ayakan, aya meureun tilu-opat siki mah, kabeh areusi sagolongan-golongan: golongan deungeun sangu, golongan samara, golongan jajaneun, jeung sajabana. Ngarah babari milihna meureun.

Disebut tukang gandong teh enya. Da enya digandong dinu tonggong, dagangan sameteyeng teh. Dikawed ku pangais, ngagelungkeun pangaisna lain dina taktak cara nu ngais budak, tapi sok handapeun gado. Pan ngarah sambil dicekelan, lantaran sieun udar. Nyekelanana ku sabeulah, da nu sabeulahna deui mah ngajingjing jingjingan nu eusi deuih ieu ku rupa-rupa dagangan.

Leumpangna teh sok semu moyongkod, da lamun ajeg mah inggis nyungkedang beurat ka tukang meureun.
Waas lebah datangna eta Ma Icih. Barang srog teh, jen nangtung. Sok jingjingan ditunda, gurawil tumpukan dagangan teh diiserkeun tinu tonggong kanu cangkeng. Geus kitu terus ayakan teh satu demi satu diturunkeun. Pangpandeurina ngecagkeun boboko said. Mun kaparengan aya nu nyampak mah sok menta tulung nurun-nurunkeun ayakanana teh. Kuring ge sababarahakali kungsi nulungan. Kuringna nangtung di tepas, anjeunna di handap da papada di handap mah teu kadongkang - pan kuring karek rek nincak genep taun harita teh.

Mun daganganana geus arecag kabeh, gek diuk siga nu neundeutkeun maneh dina bangbarung tepas, terus ngarenghap semu nu cape.

"Huuuuuy..... baralanja yeuh!" cenah, bari kikiplik ku tungtung pangais. Terus usay-usey nyieun seupaheun, geus beres, wel weh.

Juljol-juljol nu rek baralanja rek bararangbeuli teh, dironom weh. Nu kapalang keur baranggawe sok gegerewekan, "Ke kituh dagoan, ieu keur nagogkeun karih!"

Ma Icih teh urang Lembursitu. Kadieunakeun mah nyaho, horeng anjeunna teh emana Si Miharna, babaturan sakelas. Jadi nyaho deuih, geuningan Si Miharna teh rupana ngala ka indung. Pon kitu deui dedeganana, jangkung leutik.

Teu rea nu payus dicaritakeun perkara Ma Icih mah, da teu aya ucap jeung paripolahna nu istimewa. Someah bear-budi sailaharna tukang dagang we.

Aya dua tukang gandong nu sok ngasrog teh. Nu hijina deui Ma Herang, teuing urang Karapyak, teuing urang Darangdan, teuing urang Parigi, make poho deui.

Mimiti mah nyangka disebut Ma Herang teh pedah geulis. Da sanajan nini-nini ge, kaciri keneh pisan tapak geulisna teh: hideung santen, kulit pameunteu limit teu karenyod cara nini-nini umum, pangambung mancung, soca cureuleuk, rambut galing muntang, angkeut nyangked, lambey ipis, salira lenjang, taktak naraju. Sihoreng lain, lain pedah kitu disarebut Ma Herang teh, tapi pedah ka sasaha teh anjeunna mah nyebutna teu weleh "herang" bae. Lain geulis, lain kasep cara karereaenana nu ngalap hate.

Ka Bi Tioh ge sakitu teu herang teusing, pokna teh, "Mangga, palay naon Herang?" cenah. Aya pantesna meureun ka Bi Tioh mah da ngora keneh, ka Ma Tinah ge nu papada nini-nini siga anjeunna, "Ieu geura kanggo Si Herang mah, boros kunci haneut keneh!" pokna.

Komo ka bebenyit mah. Kuring ge aya puluhna kali kasinugrahan disebut Si Herang. Mun seug jumeneng keneh mah, boa ayeuna kuring geus aki-aki ge, herang keneh ceuk Ma Herang mah, siapa tau nya!
Maneuh pisan lalandian 'Ma Herang' teh. Nepi ka ayeuna ge kuring mah teu nyaho jenenganana anu saestu. Indung ge sakitu kolot - ayeuna ieu rek dituliskeun - ditanya saha jenengan Ma Herang teh, "Teuing" cenah.
Tara kungsi bantrok datangna Ma Icih jeung Ma Herang teh. Ma Icih mah isuk-isuk keneh pisan, sekitar jam tujuh, ari Ma Herang mah sekitar jam salapan. Mungguhing rejeki jelema nya, sok kabagean we duanana ge nu baralanja teh.

Lantaran barang kuring inget ge, duanana tos sarepuh, basa kuring rumaja ge tos laliren daragangna teh. Les weh duanana ge. Tapi nanceub pisan panineungan dina hate kuring teh. Ayeuna ge cacakan geus kaliwat lima puluh taun, sumedeng kahudang tineung mah, mani sok asa sisiakan keneh pulang-rasa teu sabar ngadadago aranjeunna datang teh. Padahal pilakadar emplod sakeureut nu sok didadago harita teh, saablemeun!

Uyut Iki, rayina ma uyut kuring, nu sok sering sumping teh.

Opat-lima poe, joool... eta teh. Dikampret, dipangsi-panjang, ditarumpah kulit, diiket. Bumina teh di Ketib, aya satengah kilo mah kitu ti imah teh...?

Sanajan bari rada mangsa-mingsir, lantaran galak-polotot teu kaop ningali anu carekeun, tapi teu keudeu sok pada ngadadago, lantaran sok babagi wae keur jajan ka barudak teh - kuring sadudulur. Bibi ge tah, sakitu geus SMP sok milu namprak ari Uyut Iki nuju babagi teh, padahal nya geus gede mah entong. Budak nu kaparengan keur ngaber ge teu weleh kaduum, dipihapekeun, naha ka indungna, naha ka bapana, ka lanceukna, atawa ka sahana we.

Beuki sawawa beuki kapikir, Uyut Iki mah pikanineungeun pisan, galak-galak ge. Ku geten-tulatenna. Apal pisan ka saurang-saurangna anak-incu dulur teh. Ka mana ari Si Tarmana? Ka mana ari Si Samenin? Ka mana ari Si Jebleh, ka mana ari Si Kanjut? Dedengeeun nepi ka ayeuna ge ari ngaroris bebenyit teh. Si Samenin teh ka Bi Enin, Si Jebleh ka Mang Didin pedah biwirna enya jebleh, Si Kanjut ka Mang Juhara. Ka kuring mah sok Si Bayet, padahal asa jauh nya ti Bayet ka Supriatna.

Sigana lain barudakna wungkul nu 'ngeper' ku Uyut Iki teh, da indung-bapana, nini-akina ge kaciri sok rada 'pak-pik-pek'. Mun dikira geus pisumpingeun Uyut Iki teh, sok rada berseka di imah-di buruan teh. Dina tos sumpingna, nini kuring ge sok ngadadak dakar-deker manggorengkeun cau raja bulu, kalandepna.
Geureuanana atuda mokaha. "Cik sarasapu atuh, kawas jarian weh buruan teh!" "Omekeun Kaya, tuh kenteng siga ngolosod!" "Mun diminyak, Samenin, buuk teh mani serewul kitu!"

Sok sasauran we ari aya teh, dihadepan ku kolot-kolot, barudak onaman geus dibagi mah terus we ngalaleungit.

Di mana bade mulih, angger sasauranana teh, "Pek atuh nya, aing rek balik."

Aya deui nu sok ngasrog teh: Uyut Ukam.

Uyut Ukam mah mindeng ngerakeun. Ku sasauranana. Lain kasar deui, garihal we. jeung teu pandang ka saha-ka saha kituna teh, da meureun geus kitu bahasana we, lain perbawa goreng hate.

Barang jol teh, "Keur naraon, saria!" cenah ka sarerea teh.

Sok nundutan we damelna teh, di tepas atawa dinu golodog. Lenggut, lenggut, rumbahna nu bodas hehelaban kahembos ku renghapna. Mun keur ngalenggut kitu digebah ku bibi, korejat curinghak, "Aduh, mani reuwas aing ku sia, Nyai!" saurna.

Ka Juragan Jawi geura, sakitu ku sasaha dijuragan-juragan, Uyut Ukam mah ana naros teh, "Keur naon sia, Jawi?" cenah.

Geus teuing, ngerakeun! Hadena sasaha ge geus apaleun.

Mun Uyut Engking tara lami ari sindang mulih ti mana-ti mana teh. Tara calik-calik acan seseringna mah. Ari jol teh, ngajengjen we di buruan bari nyepengan angkeng.

"Keur naraon eueueuy...?" saurna.
"Mulih ti mana Aki? Linggih heula atuh!" ceuk nu kasampak teh.
"Entong ah, rek terus ka..." anu da, cenah. Bari rarat-reret. Leos deui weh.

Mok Musti'ah mah saban usik ngasrogna teh, nyorog ngobrol. Pantaran nini.

Geus rada gede kakara ngarti yen teu sabongbrong anjeunna mah ngasrog nyorog ngobrol teh, tapi sakalian nagihan kawantu horeng anjeunna teh tukang dagang duit.

Kadieunakeun, sanggeus kuring sakola, basa mangle keur ngamuat carita nyambung Nyi Sutirah (Nu penjahatna Carmad teh), Mok Musti'ah sok ngiring jadi pamiarsa mun kuring keur mangmacakeun eta carita nepi ka lebah nu rame teh - milu nyarekan Carmad, milu ngakade-kade Nyi Sutirah beunang kaolo ku ruruba.
Ari Mok Suwiyah jeung Mok Maryamah mah ngasrogna teh mun dititah nipung, naha ku indung, ku Ma Tinah, ku Ne Sawi, atawa ku Ne Omah. Da di kuring mah salilana ge barutuh ku tipung beas teh, pan keur adonan sale pisang nu jadi pangupajiwa sarerea.

Mun can aya nu nitah ge osok datang, geugeulis panon, "aya tipungeun yeueuh...!" cenah bari ngasrog. Mun aya, nya terus nipung, mun euweuh mah sok ngadon ngawangkong we bari ngopi saaya-aya. Sapanjang nu kabandungan mah tara aya mubah, sabab mun pareng taya pigaweeun ge, ngopi-ngopi bae mah meunang, malah mun keur aya milik mah sok dibahanan sangu sagala mulangna teh. Imah di Lembur Kadu, kiduleun lembur kuring saeutik.

***


Sanggar Motekar, Juni 2009

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

ACEP NGADIMAN ngomentaran:

Duuuuh asa balik deui ka tukang keur masih budak keneh, eta carita teh perele pisan kahirupan dilembur kuring. komo macana dibarengan genjrengna kacapi suling tina youtube....ngan eta kadaharan nudicaritakeun kamarana...? ayeuna tos teu kapanggih deui....

Siti Eha Julaeha ngomentaran:

Pami nitenan nami2 lemburna siga na th di wewengkon sumedang utara.. leres teu???

Mulya ngomentaran:

waraas............., sim kuring macana bari ngupingkeun kacapi suling dina youtube... hehehe haturnuhun.

Wahyu Ali Supardja ngomentaran:

Ari jojodog monyet teh anu kumaha mya?

gunawan sapuraga ngomentaran:

R O mun teu lepatmah ngarana teh ,naha ayeuna aya keneh kitu ?

Asep Surahman ngomentaran:

nya kuring ge ngalaman siga kitu. aya nu kirang kang naha aya campuran bahasa sunda (sambil) sareng (satu demi satu) atanapi ngahaja eta teh

egie mugiaperyogi ngomentaran:

pating sareblak tur rus ras ka mangsa katukang 40 tahun kapengker.....lalakon teh asa sami naker......kaleresan sim kuring pituin urang tutugan gunung ciremai wewengkon cikijing pernahna di desa Banjaransari.........maos iyeu paparan jol emut deui ka tukang ngasrosg jenengan nana ma uju....urang sangiang....eta sok emut ku nawisannana....."garulaaa jambuuu "cenah..ras deui ka pun aki jenengan abah winta estu percis anjeuna oge sok di acuk kampret sareng di iket barangbang semplak...ngan aduuuuh...eta ari tos nundutan di golodog pun biang ...sok dugi ka reupna bobo heheheh.....

Eni Kunaenih ngomentaran:

barudak ayeuna mah apalna sosis, donat ,burger ,bakso ,es krim ,cikih ,coklat lah pokona mah moal apaleun kuliner jaman nini sareng akina.

Ujang Anom ngomentaran:

Eumh,, meni sok jadi emut ka Ma Ati tukang lotek saladaer keur leutik baheula..meli salawe eun teh tara beak bakating ku loba!

Osid Sulaeman ngomentaran:

Sim kuring rek genep puluh yuswa, bari pernah hirup di lembur. Leres pisan teu apal sadayana tah jajanan jaman harita, warara'as ...... re'eus tah ka Ki Yatna kitu we ngarah gampil. Sok ah lajengkeun.

rohmah ngomentaran:

sim kuring asli tulen urang sunda nanging teu uninga kana tutuangan sunda,aya monyet2na sagala.

edwin ngomentaran:

tah eta teh kuliner jaman baheula barudak.......

cepy pamungkas ngomentaran:

asa cing serdet tah............

yon ngomentaran:

Muhun, abdi oge sok kagagas tineung mangsa kuring keur budak. Samemeh sakola esde jeung keur sakola esde kira-kira taun tujuh puluhan. Anu sok ngagsrog dagangan unggal isuk-isuk teh, ngaranna Ma Dati. Ari ngaran aslina mah kuring oge teu apal. Da kitu we kolot-kolot teh nyebutna Ma Dati. Ari dagangannana diwadahan kana nyiru ditumpangkeun luhureun depok. Dagangannana kayaning surabi, martabak, aci beureum bodas anu ditusuk jiga sate, aci tangkoah. Ari deungeun sanguna kayaning angeun cokor embe, pindang lauk, babat raweuy. Ari karesep kuring mah eta martabak jeung cokor embe. Unggal isuk oge sok didadago we dihareupeun imah da bisi teu nyimpang. Padahal unggal poe oge sok tara kaliwat pasti euruen heula di buruan. Tilu puluh taun geus kaliwat, bejana Ma Dati geus maot. Malah geus lila pisan cenah maotna teh.

Ujang Hade ngomentaran:

japilus, jojodog monyet, tengteng, ager kering, rancis, subadra, cangkaleng colok, emplod, gegetuk, putumayang, kaneker..... emh barudak ayeuna mah tos moal arapal kana tuangeun nu karieu teh... dalah abdi sorangan ge teu apal sadayana... :)