Artikel dina Rubrik Carkrim
Harewos Nini Paraji (Bag. 6)
Di-update dina 13-01-2011
Yuda, Yaomil, Jaka, jeung Yuni kacida hariwangeunana ku kaayaan nini
paraji teh. Karunya ku kakolotanana. Asa teu pantes nini-nini nu sakitu
bageurna kudu ngalaman kawas kitu. Matak, Yuni mah ngadongsok ka Yuda
jeung Yaomil sangkan dipangneangankeun pangacara sohor. Teu cukup ku
Firman, SH.MH., cenah. Kudu ku tim! Sual waragad, boh Yuni boh Jaka ge
siap ngabantu.
Harewos Nini Paraji (Bag. 5)
Di-update dina 09-11-2010
Sepi jempling, rehe combrek lain ukur mamanis basa sangkan murwakanti.
Kitu teh saenyana. Tas hujan ngaririncik ti sore keneh, arang nu
ngulampreng. Keur mah jalanna becek katambah paroek, pangeusi lembur teh
milih numpi maneh. Nu kabagean ngaronda ge kaleked naker. Upama teu
digugudrag ku OKD mah mereun ngadedempes we di pangkengna.
Harewos Nini Paraji (Bag. 4)
Di-update dina 02-11-2010
Pagetona, Yuda datang deui. Enya, nyorangan. Harita mah, Ma Ratna rada bruk-brak. Malah, aya nu kacida pentingna, nu kakara dicaritakeun baheula.
"Gali tina tihang kandang embe kosong deukeut tangkal manalika," Ma Ratna ngaharewos.
"Lebah mana?"
"Urut nu bareto basa ngali botol tea?"
"Euh, muhun."
Harewos Nini Paraji (Bag. 3)
Di-update dina 19-09-2010
Ma Ratna memang
tukang ngurut, loba nu ngajaha datang ka dinya hayang dipencet. Ngan, upama ieu
nini-nini nu umurna 79 taun bisa ngurut, memang teu aneh teu sing, da paraji.
"Anjeunna teh paraji buhun nu pangsepuhna," ceuk Dokter Vonika, dokter Ahli
Kandungan, ti Universitas Ciung Wanara (UNCIWA), Bandung, Jawa Barat.
Harewos Nini Paraji (Bag. 2)
Di-update dina 11-08-2010
Ayeuna, ceuk pikir Yuda, Ma Ratna teh keur nandangan tungara. Naha
Nini teh bet ngalaman nu saperti kitu? Sakapeung nyebut nini, sakapeung
ema! Ceuk pikir Yuda asa teu pantes kolot kawas Nini Paraji ngalaman
tunggara kawak kitu. Sakanyahona, ninina teh tara nganyerikeun batur.
Harewos Nini Paraji (Bag. 1)
Di-update dina 20-05-2010
"Layon Bayi Pipir Imah Paraji." Kitu judul warta koran kaca kahiji. Yuda mesem. Naha make kecap bayi, naha henteu orok? Gerentesna. Sret, kecap bayi digurat handapna, luhureunana ditulis kecap orok.Ceuk pikirna, leuwih merenah keneh make kecap orok da bayi mah karasana kamalayon!
Babaung Ajag (17)
Di-update dina 13-01-2010
"Mang Iding! Kaluar!" ujug-ujug bae kapireng sora nu cocorowokan di luar imah Mang Iding.
Korejat Mang Iding hudang, tuluy gigisik. Ret Mang Iding kana panto, katembong nutup. Mang Iding rurat-reret, bangun aya nu diteangan. Tapi di imah teh ukur aya manehna sorangan. Euweuh Ceu Dedeh, euweuh Ceu Nenah....
Babaung Ajag (16)
Di-update dina 13-12-2009
Teuing ku naon, poe ayeuna mah Mang Iding ngarasa wegah iinditan. Hoream ka sawah, hoream ka kebon, malah hoream ngarit-ngarit acan. Kahayangna teh ngan kekedengan we....
Babaung Ajag (15)
Di-update dina 08-12-2009
Ma Encum jeung Bi Risa tingrarenjag, tuluy tinglalieuk ka lebah datangna sora.
"Aeh geuning Neng Arum.... Bade balanja naon, Neng?" ceuk Ma Encum, bari mencrong nu anyar datang.
"Biasa we, Ma, bade meser sopeun," tembal Neng Arum.
Babaung Ajag (13)
Di-update dina 25-06-2009
"Apih jeung indung maneh, oge dulur-dulur maneh nu sejen, jadi milu nandangan wiwirang lantaran urang dieu rea nu ngomong, pajar teh alatan maneh Nyi Dedeh jadi bureuyeung kakandung nepi ka luluasan maehan maneh," Apih Sakri neuteup anakna.
Nu diteuteup katembong keur anteng nyerangkeun lalangit imah.
Babaung Ajag (12)
Di-update dina 25-06-2009
Lengkah Ustad Didin saparakanca jadi kateug. Maranehna ngajengjen, kasima ku angin puyuh anu muih hareupeunana. Biwir Ustad Didin katembong kunyam-kunyem, mapatkeun du'a panyinglar. Pon kitu deui Pa Kandar jeung Bah Juar, sabisa-bisa maca du'a jeung ma
Babaung Ajag (11)
Di-update dina 04-06-2009
Ibur sakampung Lebakhaur, pajar Ceu Dedeh jadi ririwa. Malah beja teh nyebar ka luar kampung nepi ka meuntas ka desa tatangga. Beja pabeja-beja. Nu ngaranna pabeja-beja tea, tuluy pada nambahan pada ngabungbuan. Tina sajeungkal jadi sadeupa. Tina sadeu
Babaung Ajag (10)
Di-update dina 03-06-2009
"Bener ceuk sangkaan uing, Ceu Dedeh teh keur kakandungan. Saha atuh nya nu boga hadasna?" ceuk Enduy.
"Boa-boa Abah ge milu nebarkeun binih?" Hansip Oman ngareret ka Bah Juar.
"Hus! Sok gagabah nyarita teh! Abah
Babaung Ajag (9)
Di-update dina 08-05-2009
"Ceu Dedeh teh tos lami rarangdaan?" Dudus nanya deui.
"Teu acan lami saurna mah. Tapi wallohualam leres atanapi henteuna mah da ngalih kadieuna ge tos rarangdaan," tembal Erwe Yoyo.
"Janten Ceu Dedeh teh sanes pi
Babaung Ajag (8)
Di-update dina 10-05-2009
Polisi nu datang ka TKP, tuluy bae mariksa layon Ceu Dedeh. Sakabeh rohangan nu aya di imah Ceu Dedeh oge teu luput tina pamariksaan polisi. Di rohangan sejen, Erwe Yoyo jeung Hansip Oman sibuk merekaterangan ka salasaurang polisi, dibaturan ku Babinsa
Babaung Ajag (7)
Di-update dina 25-04-2009
Sanggeus nepi ka hareupeun imah Ceu Dedeh, sarerea lunga-lengo, neangan hal-hal anu nyurigakeun. Sarerea masang ceuli, ngadedengekeun sora-sora anu aya di jero imah. Tapi ti jero imah teu kapireng aya sora nanaon, simpe. Tuluy Erwe Yoyo noong ka jero,
Babaung Ajag (6)
Di-update dina 25-04-2009
Isuk-isukna, warga Kampung Lebakhaur geus rame deui, ngariung bangke ajag di deukeut imah Kang Wahya.
"Ku saha beunangna?" ceuk Tua Kampung.
"Ku Kang Tatang, dibedil," tembal Enduy.
"Alus matana geuning Si
Babaung Ajag (4)
Di-update dina 15-04-2009
Peuting, ti bada Isa keneh Enduy geus aya di pos ronda. Bedog nu anyar ngasah nyolegreng dina cangkengna. Salian ti Enduy, di pos ronda teh geus nyampak aya Kang Tatang jeung Bah Juar. Bedil dorlok paranti moro, nu Kang Tatang, disarandekeun deukeut ko
Babaung Ajag (3)
Di-update dina 15-04-2009
Jalma-jalma nu kasebut tokoh di Kampung Lebakhaur ngariung di imah Tua Kampung, ngabadamikeun pasualan ajag anu ngagalaksak kana ingon-ingon di lembur. Lian ti tuan rumah teh aya oge Babinsa, Pa Kandar, Erwe Yoyo, Erte Jajang, Bah Juar, Hansip Oman, je
Babaung Ajag (2)
Di-update dina 15-04-2009
"Abdi ieu mah, Ma!" ceuk nu ngabelegbeg hareupeun Ma Acih.
"Saha?" sora Ma Acih ngageter.
"Asruh."
"Jang Asruh?"
"Enya."
"Si Bedul teh! Nanaona